Soal UTS 2 Bahasa dan Sastra Sunda Kelas 4 SD Terbaru

Soal UTS 2 Bahasa dan Sastra Sunda Kelas 4 SD Terbaru
Contoh soal UTS Bahasa dan Sastra Sunda Semester 2 Kelas 4 SD/MI terbaru lengkap kunci jawaban berdasarkan kisi-kisi, materi pelajaran kurikulum 2013 tahun ajaran 2017/2018. Soal UTS 2 Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda Kelas 4 SD/MI ini terdiri dari soal2 pertanyaan, soal isian dan soal pilihan ganda sebagai bahan ajar maupun materi pembelajaran siswa untuk persiapan menghadapi ulangan maupun ujian pada setiap semester genap

Soal UTS 2 Bahasa Sunda Kelas 4 SD/MI

Sumber materi soal Bahasa dan Sastra Sunda untuk kelas 4 sd ini berasal dari buku paket, buku tematik, soal ulangan harian maupun dokumen soal-soal UTS periode sebelumnya. Sebagai pengajar di sekolah kami juga sering mengadakan belajar ulangan bersama ketika akan menghadapi ulangan / ujian di setiap semester 2.

#I. Berilah tanda silang pada abjad a,b,c dan d pada 20 Soal UTS 2 Bahasa Sunda Kelas 4 SD dengan jawaban yang paling kalian anggap benar.

Gatotgaca Raja Pringgandani 

Minggu kamari, Pa Guru ngadongeng carita wayang. Ari nu didongengkeunana nyaeta Gatotgaca Raja Pringgandani. Estu pikareuseupeun dongengna téh, bubuhan Pa Guruna pinter ngadongeng. Malah bari jeung niru dalang sagala, matak pogot nu ngabandunganana.

Dongengna teh kieu. Gatotgaca teh putra Bima ti Dewi Arimbi. Anjeunna nuju murangkalih na mah sihungan mangrupa buta. Tali ari-arina teu tiasa dipegatkeun. Numutkeun pituduh, kangge megatkeun tali ari-ari Gatotgaca teh teu aya deul iwal ku senjata Konta. Anu kapancenan milarian senjata Konta teh nyaeta Arjuna, paman na Gatotgaca. Anjeunna tatapa kanggo mendakan senjata tea.

Kacaturkeun Batara Narada diutus ku Batara Guru kanggo masihkeun Konta ka Raden Arjuna. Nanging Batara Narada lepat masihkeun. Senjata teh kalah dipasihkeun ka Aradea anu sarupi sareng Arjuna. Atuh der weh Arjuna sareng Aradea galungan parebut senjata Konta. Anu ahirna, Kontana beunang ku Aradea, ari warangkana beunang ku Arjuna.

Eta warangka teh tiasa dianggo megatkeun ari-ari Gatotgaca, nanging eta warangka teh teras lebet kana udel Gatotgaca, teu tiasa dicabut deui. Saterasna Gatotgaca janten satria Pringgandani, pahlawan karajaan anu gagah taya tanding. Musuh weduk geus pasti taluk, bubuhan Gatotgaca mah urat kawat balung wesi, dipikagimir ku musuh musuhna.

1. Dewi Arimbi gaduh putra anu namina............
A. Arjuna
B. Aradea
C. Batara Narada
D. Gatotgaca

2. Pernah naon Arjuna ka Gatotgaca teh?
A. Bapana
B. Uwana
C. Pamanna
D. Alona

3. Numutkeun wacana di luhur, anu ngadongeng Gatotgaca teh nyaeta............
A. Pa Guru
B. Murangkalih
C. Rama
D. Paman

4. Anu sanes tokoh dina dongeng di luhur nyaeta............
A. Gatotgaca
B. Sadewa
C. Arjuna
D. Aradea

5. Arjuna sareng Aradea galungan parebut Senjata Konta.
Kecap galungan sarua hartina jeung............
A. Babaturan
B. Pasea
C. Gelut
D. Sarerea

6. Panca indera anu bisa digunakuen pikeun ngabandungan dongeng anu aya di luhur nyaeta............
A. pangambung
B. ceupit
C. soca
D. letah

7. Maca gancang kudu nganggo sora anu............
A. tarik
B. gancang
C. alit
D. ngaharewos

Pek tingali paguneman di handap ieu!
Dodo : “Kumaha kaman, naha teu asup sakola?”
Adit : “Kamari, urang diajak Mamah ka bumi Nini, ngatongok Nini anu teu damang.”
Dodo : “Oh kitu, mugi enggal damang Ninina nya Dit!”
Adit : “Amin, nuhun pidoana Do.”

8. Ngaran tokoh anu aya dina paguneman di luhur nyaeta............
A. Dodo jeung Adit
B. Dodo jeung Nini
C. Adit jeung Mamah
D. Nini jeung Mamah

9. Eusi tina paguneman di luhur nyantakeun............
A. Dodo ulin ka imah nini
B. Adit ulin jeung mamah
C. Dodo ngalongok nini anu teu damang
D. Adit ngalongok nini anu teu damang

10. langkah mimiti mekarkeun rangka karangan nyaeta............
A. Nyieun pokok pikiran
B. Ngahijikeun pokok pikiran
C. Nyieun kalimah tina pokok pikiran
D. Nyieun kata

11. Karangan faktual nyaeta nulis karangan anu saluyu jeung............
A. Kabiasaan
B. Karesep
C. Kajadian
D. Kahayang

12. Perhatikeun pupuh lambang di handap ieu!

Nawu kubang sisi tegal
Nylar bogo meunang kadal
Nawu kubang sisi tegal
Nylar bogo meunang kadat
Atuh teu payu dijual
Rek didahar da teu halal

Tina Pupuh lambang di luhur ngabogaan watek............
A. Sieun
B. Sedih
C. lawakan
D. Gumbira

13: Jumlah padalisan dina pupuh lambang nyaeta............
A. 5
B. 7
C. 6
D. 8

14. Pupuh anu ngagaduhan watek heureuy atawa banyol nyaeta............
A. lambang
B. Sinom
C. Mijil
D. Balakbak

15. Ngagunakeun basa dina telepon kudu............
A. Singget
B. Bisa kaharti
C. Padat jeung jelas
D. Singget, padet, jelas jeung kaharti

16. Nyarita dina telepon keur kasaluhureun kudu ngagunakeun basa nu............
A. kasar
B. sedeng
C. lemes
D. kasar pisan

Pek titenan paguneman dina telepon di handap ieu!

Cecep : Halo!
Ucup : Nya, halo!
Cecep Wilujeng wengi, Cup!
Ucup , aya naon?
Cecep : Abdi enjing teu tiasa sakota kumargi bade jajap mamah ka dokter, punten pangwartoskeun ka Bu Guru!
Ucup : Muhun, engkin diwartoskeun.

17. Dina paguneman telepon di luhur, kecap nu merenah kanggo ngalengkepan paguneman nyaeta............
A. Wilujeng kulem
B. Wilujeng wengi
C. Wilujeng enjing
D. Wilujeng siang

18. Pek tingali puisi di handap ieu!

Duh Bogor endah patilasan Pajajaran
Duh Bogor endah lembur kuring panineungan
Dibenteng ku Cisadane
Dikangkalung Cihaliwung
Cirina Baranangsiang tetelar jaman Pakuan

Judul puisi di luhur anu merenah nyaeta............

A. Bogor Endah
B. Bogor lembur Kuring
C. Bogor Patilasan Pajajaran
D. Bogor Dibenteng Ku Walungan

19. Duh Bogor endah............kuring panineungan.
A. patilasan
B. lembur
C. katetah
D. dilingkung

20. Hiji walungan anu aya di Bogor nyaeta............
A. Musi
B. Kapuas
C. Bengawan Solo
D. Cisadane

II. Eusian titik-titik di handap ieu ku jawaban anu merenah!


21. Mikaweruh ngaran kekembangan. Kembang kaso ngaranna ciriwis, ngaran kembang waluh nyaeta.........................

22. Abdi mios ka sakola, Ibu.........................ka sakola.
Kecap anu saluyu jeung basa lemesna mios nyaeta.

23. Pek lengkepkeun paguneman di handap ieu!
Fikri : “Nuju naon Wulan?”
Wulan : ......................... “.
Fikri : “Resepnya Wulan mah, mani pinter ngawihna.”
Wulan : “Hatur nuhun”

Dina paguneman di luhur, kalimah anu merenah pikeun ngalengkepkeun guneman nyaeta.........................

24. Anu resep karia ngawih dma paguneman di luhur nyaeta.........................

25. Nyaritakeun puisi make parafrase tujuanna nyaeta supaya.........................ngahartikeunana.

26. Karangan faktual nyaeta karangan anu nyantakeun carita.........................

27. Pikiran pokok anu aya dina hiji paragrap biasana aya dina.........................kalimah.

28. Pek tingali pupuh durma di handap ieu!
Moal ngejat sanajan ukur satapak
Geus dipasti ku jangji
Mun tacan laksana
Numpes musuh sarakah
Henteu niat seja balik
Najan palastra
Mati di medan jurit

Dina padatisan kahiji aya.........................engang.

29. Jumlah padatisan dina pupuh di luhur nyaeta aya.........................

30. Pek tingati paguneman telepon di handap ieu!
Galih : “Halo!”
Mamah Ade : “Halo, bade kasaha?”
Galih : “Abdi hoyong nyarios sareng Ade, tiasa henteu mah?”
Mamah Ade : “...................”
Dina paguneman telepon di luhur, kalimah anu saluyu jeung peguneman nyaeta.........................

III. Jawab pananya-pananya di handap ieu ku jawaban anu merenah!

31. Pek titenan kalimah-kalimah di handap ieu!
(1) Kuring jeung babaturan sabada olahraga, jajan es doger
(2) Ku lantaran ka sakola kabeurangan, kuring teu kaburu sasarap heula
(3) Sabada Jajan es doger beuteung kuring kukusialan
(4) Ku lantaran nyelengit beuteung nu kacida, nepi ka katuretengan di jero kelas
(5) Atuh teu bisa nuluykeun diajar, malahan balik ka imah dianteur ku bu guru
(6) Tepi ka imah, kuring ku mamah dibawa ka dokter
(7) Ahirna kunng kudu dirawat di rumah sakit

Susun kalimah-kalimah di luhur supaya jadi karangan anu merenah!

32. Pek lengkepan paguneman di handap ieu!
Ade : “Kunaon geuning buku teh bet disoekean, Ti?”
Siti : “.................”
Ade : “Padahal teu kenging disoekean kitu, lebar!”
Siti : “................”
Ade : “Muhun, sanajan tos teu kapake oge, mending disimpen, engke diical ka tukang loak.”

33. Perhatikeun puisi di handap ieu!

Lembur Kuring
Kiwari pinuh ku patalimarga
Nu dagang minuhan trotoar
Nu teumpang minuhan jalan
Mun peuting jalan salin jinis jadi pasar
Isukna kari runtah nu patutayah
Nu sasapu pahibut muru waktu
Nu dagang jeung supir angkutan Patarik-tarik cocorowokan

Eusi tina puisi di luhur nyaeta.........................

34. Jieun kecap di handap ieu jadi katimah anu merenah!
a. Rame
b. Garandeng
c. Tatangkalan

35. Tangetan gambar di handap ieu!
Cik jieun paguneman telepon anu aya dma gambar ku basa sunda anu santun!

Download Pdf Soal UTS Bahasa dan Sastra Sunda Kelas 4 SD Terbaru

Kunci Jawaban


Untuk kunci jawaban saat ini belum tersedia karena kesibukan para admin yang sebagian besar berprofesi sebagai guru. Namun untuk menemukan kunci jawaban adik-adik bisa melihat rangkuman soal ulangan berikut ini barangkali mendapat jawabannya : HARAP MAKLUM (kunci jawaban menyusul)

Untuk mendapatkan soal-soal UTS 2 Bahasa Sunda kelas 4 SD dan mata pelajaran lainnya seperti bahasa indonesia, IPA, Bahasa Inggris, PKn, Pendidikan Agama Islam dan pelajaran lainnya secara GRATIS silahkan aktifkan berlangganan/subscribe pada blog zona soal ini. Pemberitahuan soal-soal terbaru akan otomatis masuk ke email anda.

Demikian bahasan contoh latihan soal UTS Semester 2 mata pelajaran Bahasa dan Satra Sunda Kelas 4 SD/MI terbaru yang telah dilengkapi dengan kunci jawaban tahun ajaran 2017/2018. Jika ini bermanfaat buat bapak/ibu maka akan bermanfaat pula untuk teman lainnya yang membutuhkan sebagai media belajar tambahan. Terima Kasih.

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel